Kocapning di hiji lembur nu katelah Ciburial buncelik,
mangsa peuting wanci sareureuh budak.
di hiji imah kadenge aya nu keur ngobrol..
Mang Turo jeung bi Enon keur ngobrol,
Mang Turo: "ambu seupan cau geus asak?"
bi Enon: "asak meurn, kela urang riksakeun"
bi enon ngagidig k dapur, muru hawu bari ngariksakeun seupan cau dina seeng nu geus mehong, tuluy di asaan..
pok na "emh enaaaak asak ningan"
tuluy di jait, di wadahan kana piring.
atuh sor di asorkeun ka salakina, mang Turo tea nu keur diuk ditengah imah di tilaman ku samak nu gs rawing sisina..
bi Enon: "apana, budak urang keur ngan hiji hiji nateh si Toton maraton kunaon teu balik2 budak teh, inung mah lain hayang dibere tapi melang nyaah bisi kabawa sakaba kaba, ma'lum dikota loba bejana"
mang Turo: "ah tong melang melang teuing kitu bisi teu betaheun, derr ngke budak teh hayangeun balik ke lemur, pan geus puguh budak urang teh jadi artis ceuk si entin oge"
surupuuut legukkk diselang ku nyuruput cai nteh dina cangkir warna hejo
"keur sibuk etateh, ngke ge balik mawa wahon kadieu" ceuk mang Turo deui.
serebung haseup bako mole nyerebung tina biwir mang Turo bari rada di manyunkeun saeutik, haseupna mulek katara ku cahaya lampu centir nu ngait dina tihang.
bi Enon: "enya nya, mni lugina ngadenge nage kuring mah basakeur si Entin harita nyaritakeun, yen si Toton maraton budak urang teh geus jadi artis, asup kana tipi kana berita seputar indonesa cnah dikawal ku pulisi cnah arak arakan naek kana wahon pulisi,, emmmh kacida reug reug hate kuring nu jadi indung ngadenge nateh, mni hanyakal teu nempo tipi harita di telepisi bale desa"
ceuk bi enon bari cacamuilan nyaneut seupan cau, katingali nateh jiga nu kacida pisan nikmatna..
mang turo: "heu euh budak urang mah hade milikna, teu cara budak si Oded kalakah di koroyok da maok hayam"
Teu karasa waktu nyerelek mju ka wanci sareureuh kolot, tuluy mang Turo hanyat tina pangdiukan nana, menerkeun samping bari ngaleos ka cai, can sholat Isya majar teh, kajongjonan wae murak kulub cau.
ari bi Enon beberes bari indit ka dapur rek mareuman seuneu dina hawu..
cag pamiarsa, iyeu carita urang tunda, enjing urang sampeur deui dina wanci nu sarua.
ACARA INI DI SPONSORI OLEH JAMU GODOG CAP GOLIRA, berkhasiat menyembuhkan NYERI CANGKENG, NYERI HUNTU, NYERI SIRAH, NYERI PANON, NYERI BEUHEUNG, NYERI HATE jeung SAGALA KANYERI.
bila sakit berlanjut hubungi dokterandes.
###
Tidak ada komentar:
Posting Komentar